Home » , , , » Harita Kasorenakeun,,,

Harita Kasorenakeun,,,

Written By Unknown on Minggu, 02 Oktober 2011 | 22.05


kuring nganjang ka rorompok salira
mawa kaasih nu pohara gedena
mawa kasono nu taya bandingan nana
harita kasorenakeun,,,
rundayan katineung dipapalerkeun
bongan matak guligah kana rasa
bongan mawa eurih nu ngaraheut kana ati
lamun teu patembong
lamun teu paembol
Harita kasorenakeun,,,
kuring ngalengkah mapag kalangkang
ngajugjug salira nu diudag ku mangsa jeung rasa
Harita kasorenakeun,,,
salira ngantos dilawang panto
tuluy gugupay bari imut
Gusti nu agung pami emut harita,,
naha bet asa teu puguh
mun diri ker ngumbar rasa katresna
rek disusud na jajantung
rek ditanyakeun kasanubari
naha ayena asa landes misono
melit ngait kana diri
taya daya pikeun ngajauhan salira..
Share this article :

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. MIFTAHUL 'ULUM - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by kamal
Proudly powered by Blogger