Ngaos

Assalamu'alikum warohmatullohi wabarokaatuh....

Bismillah alhamdulillah washolatu wassalamu 'ala rosulillah..
Para wargi anu dipihormat....
Dina enggoning urang sadaya milarian bekel ibadah ka pangeran ku jalan /kasab sapertos tani..sawaktos-waktos sok keukeuh aya hama, sahingga hasil tanina kirang nyugemakeun. Malah tempo-tempo mah sok dugika suwung tina untung sepi tina hasil nu mucekil,sepa tina kekengingan. Kumaha urang upami aya kajantenan kitu, naha bade hamana anu dibasmi atanapi pepelakannana  anu bade dilirenan? tangtos kedah dibasmi hamana. Margi upami dilirenan pepelakanana mah sami sareng ngaleungitkeun pokona. Dimana tos leungit pokona,bade timana kenging untung, bade timana deui kenging bekel upami henteu aya deui kasab salian ti pepelakan, boh di kebon boh di sawah.Janten supados kenging untung boh alit sumawona ageung,tetep kedah dibasmi bae hamana,teu kenging dilirenan pepelakanana,sareng teu kenging putus asa sanaos hama datang deui datang deui. Nyakitu deui urang dina  enggoning ngalaksanakeun parentah Alloh sinareng Rosulna,anu wajib anu sunatna,,sholat zakat puasa shodaqoh sinareng amal anu sanesna.Sanaos henteu ngahaja dikukut dina kalbu , henteu dipiara dina bayah, henteu sina nyangkere dina hate,sok keukeuh aya deui aya deui,datang deui datang deui hama amal,perusak ahlak,pengecut laku, penghianat niat,amal matak batal, tekad matak rungkad.Kalawan eta hama amal tea dipimpin ku iblis,di dalangan ku hawa,ditungtun ku nafsu.Nafsu anu matak kaduhung hawa anu matak hanjakal,iblis anu matak sedih.
Naon anu janten hama amal,perusak ahlak, penghianat niat teh ? nyaeta ujub,ria,takabur,hasud.Ieu pisan anu ku urang  sina kabur tina diri urang, sina nyingkir tina ati,sina pisah tina bayah.Kumaha upami dina diri urang aya hama amal tea,naha hama amal anu kudu dibasmi atanapi di lirenan amalna? Margi upami dilirenan amalna, liren sholat,liren zakat,liren shodaqoh,liren amal sholeh sareng sajabina.,bade timana  urang kenging ganjaran amal,bade timana kenging bekel engke di akherat, sedengken anu bakal janten bekel di akherat nyaeta amal anu sholeh  sanes amal anu salah.Naon margina kedah ku amal anu sholeh?margi amal anu salah mah bakal ngakibatkeun janten suluh naraka. Numatak hirup kumbuh  di alam dunya ieu kedah ngalaksanakeun kecap silih; silih asah, silih asih,silih asuh, silih riksa ,silih raksa,silih pariksa ulah asa-asa.supados urang ditebihkeun tina siksaan anu kawasa.Silih jaring ,silih geuing,silih piceunan aling-aling anu ngahalangan kana eling.Margi upami jalma parantos teu areling, tangtos akibatna bakal seueur paling,seueur curaling,seueur anu lang lang ling ling.
Kukituna hayu urang sami-sami ngabasmi hama amal,perusak ahlak, penghianat niat,ulah dikukut dina kalbu,dipiara dina bayah, ulah sina cicing dina ati,ulah sina nyangkere dina hate.Enggal takabur sina kabur tina kalbu, dengki sina nyingkir tina ati,sina pisah tina bayah. Pilarian jalan atanapi teori taktik kangge ngagitik eta hama amal kalawan ngagunakeun senjata atanapi pakarang anu langkung praktis,margi hama amal anu dipingpin ku iblis anu didalangan ku hawa anu ditungtun ku nafsu kacida sulit sareng baderna.Cobi eta hama amal urang  sina sup kana gedeg sholeh,geus asup kana gedeg amal sholeh ,enggal bedil ku tauhid,peuncit ku fikih,ringkus ku tasowuf,tiplas ku kias,ku ihlas,takol ku kaol,dikadek ku taofek,digranat ku sholat sunat,diragaji ku daek ngaji.
Mudah-mudahan urang sadaya tiasa nyingkiran kana hama amal kalayan disarengan ku hidayah sinareng  taofek Alloh subhanu wata'ala...

Wassalamu'alikum warohmatullohi wabarokaatuh...


*Teks di luhur mangrupikeun salahsawiosna khutbah Almarhum Bpk. Ustadz Aminulloh Thoha (BpkAA) anu dina waktos jumenengna mangrupikeun dewan pengajar Ponpes Miftahul 'Ulum Pasirtamiang

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. MIFTAHUL 'ULUM - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by kamal
Proudly powered by Blogger