Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Bismillah nu jadi wiwitan,Alhamdulillah tawis syukur ka Pangeran,oge muga sholawat salam kangge Nabi Muhammad nu jadi panutan...
Wilujeng sumping Saderek...wilujeng tumiba di amparan panglawungan ruruntuk urang Pasirtamiang...punten sateuacana bilih pangbagea kirang nyugemakeun..susuguh kirang sampurna..maklum masih raraga ditata diropea..muga engke langkung sae...
eh sumuhun ... ieu blog MU ( emyu ..he2 ) Pasirtamiang diangkat sareng dipintonkeun teu aya sanes supados janten lantaran urang langkung raket,tumuwuh asih cinta ka lembur, sareng tiasa silih bagi pangaweruh,silih bere kasaean,sareng sanes kanten kasaean anu sanesna....
Kukituna mangga dititenan..bilih aya saena ditambih langkung sae..bilih aya kirangna mangga urang dibebenah...sakitu anu tiasa kapihatur.langkung saur bahe carek hapunten anu kasuhun..
Wassalamu'laikum Wr.Wb
Posting Komentar