Ngahuleng. Baluweng. Loba pisan nu kaalaman. Réa teuing nu kacipta, nu kapikiran. Nu katarémbong. Nu karasa. Kalah nambahan baluweng. Jadi teu puguh naon heula nu kudu dipikiran, nu kudu dipilampah. Lieur. Manehna gogodeg sabot rumahuh… Di tegalan, bangké kuda beuki réa, pasoléngkrah, campur jeung mangpirang mayit. Banusan nu ngabarengkang. Sawaréh deui rarenghék dina ruhak nu marakbak. Manéhna rumanggieung, dumadak bangun lalanjung. Luak-lieuk. Kang Zamzam. Aya didieu Kang Zamzam ogé. Bruh-bréh nu séjénna…Beungeut-beungeut nu teu weléh kumalangkang. Bet patulayah di dieu…
ngalamun
Written By Unknown on Minggu, 02 Oktober 2011 | 05.39
Label:
dongeng sunda,
nulis sunda,
pupuh sunda
Posting Komentar